Naskah Wajib & Rumpaka
Kumpulan teks sajak dan lirik (rumpaka) tembang pupuh khusus untuk peserta jenjang SMP sesuai dengan Petunjuk Teknis resmi FTBI 2026.
Naskah Lomba Maca Sajak
Peserta wajib membacakan salah satu sajak di bawah ini.
Lemah Cai Kuring
Karya: Apip Mustopa
Lemah cai kuring
Cai kuring
Geuning geus loba nu kurang
Lemah kuring
cai kuring
Geuning geus loba nu hayang
Lemah kuring
Cai kuring
Geuning loba kahariwang
Lemah kuring
Cai kuring
Kadeudeuh direbut batur
Lemah kuring
Cai kuring
Geuning geus lain nu kuring
Tutuwuhan
Karya: Rachmat M. Sas Karana
Tutuwuhan ngawarah kuring
Nitah sabar
Ka pelok anu dipelak
Teu bisa nanyakeun
Iraha bakal buahan
Tutuwuhan ngawarah kuring
Nitah surti
Akar nu ngateyep nyiar kahakanan
Teu kadéngé rumahuhna
Tangkal nu lungsé butuh cihujan
Teu kadéngé jumeritna
Daun alum kapanasan
Henteu kadéngé inghakna
Tutuwuhan ngawarah kuring
Nitah nyaho mulang tarima
Ka lemah tempatna matuh
Muragkeun dangdaunan
Pikeun kasuburan
Ka manusa nu melakna
Méré bubuahan
Geusan nyambung kahirupan
Babakan Jaya, 1978
Katiga
Karya: Yayat Hendayana
Kekebul jalan
haliber
katebak angin katiga
eunteup dina kaca toko
sawaréh arasup kana panon
Kekebul kota
sarila
katebak angin katiga
unggut-unggutan dina émpér
némbongkeun dampal leungeunna
ka sakur nu liwat
Kekebul jalan
jeung kekebul kota
nu sareukseuk kana mata
pada-pada miharep hujan silantang
pikeun dirina
1969
Japati
Karya: Inda Nugraha Hidayat
Anjeun japati, bral
geura hiber ngapak méga
Geleber jangjang bodas
nurih salaksa mata
paninggaran
gelik leutik sora anjeun
mubus jeroning kalbu
Ber, geura hiber
japati
pangnyungsikeun angin sumilir
seug geus kacanggeum
Bagéa
eunteup di pakarangan
sukma
Garut, Mei 2026
Langlayangan
Karya: Yoseph Iskandar
Langit tegal pangangonan
Sapasang langlayangan
na méga
diadu kasorénakeun
rikat silih sabet
nu bodas pegat
koléab kabawa angin
ronghéap haté marengan
Saha nu nyaho
diparengkeun reuntas harepan
teuing di mana nyangsangna
Bandung, 11 Januari 1977
Rumpaka Nembang Pupuh
Rumpaka (lirik) wajib tembang rancag dan tandak jenjang SMP.
1. Pupuh Pangkur
Rancag
Bapa Doblang pada terang
kumis baplang nuruban biwir nu jeding
pipi kemong irung mancung
panon buringas hérang
goréng omong gawang geuweung harung gampung
pantrang mayar kana hutang
licik sarta sok curaling
Hiji mangsa Bapa Doblang
weureu gadung kabebeng keur gulang-guling
jol nu nagih hutang sarung
gancang ngoréjat hudang
ngambek nyereng bari ngamang-ngamang pentung
Bapa Doblang leng ngoléang
labuh nyungkur biwir suwing
Tandak
Euleuh, itu Bapa Doblang
notorogan boro baé kumis baplang
puas nyorang weureu gadung
beuteung bebeng lieur lanjung humaregung
matak ogé hirup urang
entong bedang bedegong curaling
bisi kawas Bapa Doblang
wawalesna tisuksruk jeung suwing
Mana kalakuan urang
kudu bener ulah leuwih ulah kurang
sabab laku lampah urang
mawa jalan lara bagja nu disorang
usik malik beurang peuting
Gusti Alloh Nu Héman Nu Asih
ucap lampah haté wening
ciri jalma utama beresih
2. Pupuh Dangdanggula
Rancag
Lambang R.I. jero ngandung harti
lamun bener diamalkeunana
persatuan tangtu témbong
teu cukup ku disebut
atawana apal na biwir
bhineka tunggal ika
maksudna gumulung
kabeh sélér-sélér bangsa
béda-béda tatapi asal sagetih
béda tapi saasal
Lambang R.I. jero ngandung harti
lamun bener diamalkeunana
persatuan tangtu témbong
teu cukup ku disebut
atawana apal na biwir
bhineka tunggal ika
maksudna gumulung
kabeh sélér-sélér bangsa
béda-béda tatapi asal sagetih
béda tapi saasal
Tandak
Hiji basa hiji bangsa
basa bangsa Indonésia
hiji bangsa hiji nusa
nusa tunggal nusantara
Sélér-sélér suku bangsa
ti wewengkon mana-mana
saka-suka saka duka
wujud bangsa Indonésia
3. Pupuh Sinom
Rancag
Harta pada naréangan
Harti pada nyararungsi
Sabab duanana guna
Harti bisa méré bukti
Harta pon kitu deui
Bisa ngabul nu dimaksud
Nedunan sakahayang
Tapi harta gampang leungit
Mungguh harti mangpaat dunya ahérat
Réa nu nampa warisan
Ngadak-ngadak sugih mukti
Salieuk béh hirup ngeunah
Senang ngahena-ngahening
Gawé ukur palesir
Duitna diawur-awur
Bandana beuki suda
Paingan ceuk Nini Aki
Najan gunung ditugaran tangtu cepak
Tandak
Harta pada naréangan
Harti pada narambahan
Harta harti sarua guna
Pada bisa méré bukti
Bisa hasil sapaneja
Sok nyumponan cita-cita
Harta harti sok mangpaat
Dapon diraksa taliti
Anu beunghar ku warisan
Ngadak-ngadak roroyalan
Lamun hirup kitu laku
Harta teu jadi mangpaat
Najan harta leuwih cukup
Teu dipaké modal hirup
Raja kaya nungtut ledis
Ahirna timbul musibah
4. Ladrang
Rancag
Coba teguh masing telek telik
Éta gambar éta gambar
Sugan nyaho Ujang Nyai
Sato naon reujeung di mana ayana
Nu kadua anéh aya ceuli
Nu gunana nu gunana
Béda ti ceuli nu galib
Ceuli naon tuduhkeun lebah gambarna
Nu katilu geura sidik-sidik
Digelungan digelungan
Ngarumbay lamun di cai
Musuh lauk di balong jeung di walungan
Tandak
Coba teguh masing telik
Éta gambar sidik-sidik
Sato naon kitu wanda
Reujeung di mana ayana
Nu kadua aya ceuli
Ceuli naon sing taliti
Ceuli béda ti biasa
Tuduhkeun dina gambarna
5. Pupuh Durma
Rancag
Di mamana panjajah pada marudah
lantaran dikiritik
ku ahli nagara
yén éta lampah jahat
tatapi kalah mudigdig
ambek ambekan
dasar nu buta tuli
Beuki bengis adatna teu suda-suda
dasar nu kasar budi
ngagawékeun jalma
henteu jeung kira-kira
anu teu nurut dibui
nandang siksaan
kejem teu aya tanding
Tandak
Di mamana si panjajah
pada amarah marudak
manan kapok anggur gawok
najan dipoyok dirojok
nagri sabuana umumna nyarela
nyempad rosa politik panjajah
tapi nu ngajajah teu pasrah teu sadrah
terus meres ngahina ngarinah
Nu sarakah neuki nista
Adat kakurung ku iga
Ngerja bodo ka sasama
Nyokcrok nyeuseupan hasilna
Nasib nu dijajah seunggah susuh payah
Ringkus bangkol nandangan siksaan
Nu ngajajah kejem dipunjung dialem
Weureu seubeuh hirup roroyalan